Wednesday, April 11, 2012

Puisi-Puisi


Dermaga Hati


Detiku tak terhitung
Laksana miliyaran bintang di langit dan bulu-bulu kucing peliharaanku dirumah
Bersama sebuah bahtera kayu
Terombang-ambing ditengah gelombang rindu
Puluhan dermaga menawariku untuk ku singgahi
Saat itu juga badai menghadang menjauhkan bahteraku darinya
Aku tak pernah tahu
Benar-benar tak tahu, kapan dan dimanakah bahteraku kan berlabuh?
Aku takut, cemas dan putus asa
Perbekalanku kan habis disuatu masa
Hingga tak ada lagi pelabuhan cinta yang bisa ku singgahi
     Wahai angin......
     Wahai ombak....
Hembuskanlah nafas cintamu
Hanyutkanlah bahteraku yang malang ini
Temukanlah bahteraku dengan dermaga cinta yang kekal nan abadi
Dan biarkanlaah selamanya berlabuh,
Hi9ngga badai besar
     Menerpa
Menerjang
     Dan
Meluluhlantahkan
   Sang Dewa Amor
            Dua insani



Surat Untuk Merapi


Secarik kertas ini, mengisahkan derita
sekaligus bayang kelam bagi perobek dada insan

Fajar kian kelam
gemuruh mengundang,,,
Memisahkan butiran debu dan kerikil dibawah naungan awan panas
Kau laksana lampion pagi, penebar benih-benih kesadaran insani Ibu Pertiwi
Tahukah engkau___________
SUARAMU MENGGEMA, IALAH RANTAI BAGI PARA PENCINTA, GELOMBANG BAGI SEBUAH KAPAL, DAN HUJAN BAGI BURUNG-BURUNG YANG SAKIT!!!

Jerit tangis insan dimana-mana,
Sakit akan derumu dan kerelaanmu
Marahkah engkau?
Kunanti jawaban yang pasti dengan letusan terakhir kali
Disaat senja,, atau dipagi hari

Ataukah engkau Ijrail itu? Sang pencabut nyawa
Atas utusan tuhanmu. Menjadi pembinasa
Bagi insan
.... yang terkutuk.



Hari Saniscara
01-11-2010

Read More

Sasakala Maung Panjalu



Kocapkeun di Karajaan Majapahit, Prabu Brawijaya anu ngaheuyeuk eta nagara keur anteng neuteup bulan purnama. Nginget-nginget kajadian mangsa ka tukang, kajadian anu ngabengkahkeun dua karajaan, Karajaan Majapahit jeung Karajaan Pajajaran. Kajadianana memang geus lila pisan, geus kaliwat sapuluh kitu taun ka tukang. Nyaeta kajadian anu katelah Perang Bubat.
Timbul niat anu luhung dina manahna. Niat pikeun nyambungkeun deui duduluran anu kungsi kapegat ku rasa ceuceub. Sabab dihenteu-henteu oge, upama dijujut ka puhu mah, Raja Majapahit jeung Raja Pajajaran teh ti karuhunna mah tunggal sakocoran. Carana mah bisa ngaliwatan pertikahan. Kabeneran Prabu Brawijaya lalagasan keneh.
Sang Prabu Brawijaya enggal nyaur Patih. Barabat atuh nyaritakeun pamaksudannana, nyaeta ngalamar putri Karajaan Pajajaran, anu geulis Putri Kencana Rarang. Tujuanana, taya lian pikeun nyambungkeun tali silaturahmi anu kungsi pegat pisan.
“Kasalahan karuhun urang baheula, henteu hade lamun akibatna terus dikukut, sarta henteu perlu diwariskeun ka anak-incu.”
Patih sapuk kana pamaksudan Sang Prabu.
Poe eta keneh Patih tatan-tatan, ngumpulkeun balad sarta nyadiakeun bekel pikeun indit ngajugjug ka Karajaan Pajajaran. Eta rombongan diluluguan ku hiji Mantri. Dina waktu anu geus ditangtukeun, eta rombongan utusan Majapahit teh indit ninggalkeun nagarana maju ngulon. Lalampahan anu henteu gampang lantaran nyorang leuweung geledegan.
Kacaturkeun eta rombongan utusan teh geus tepi bae ka puseur dayeuh Nagara Pajajaran anu perenahna di Dayeuh Kawali. Utusan Majapahit meunang pangbagea anu hade, boh ti rahayat Pajajaran, boh ti Raja Pajajaran. Mantri anu jadi kokolot utusan Majapahit masrahkeun surat ti Prabu Brawijaya anu unggelna seja ngalamar Putri Kencana Rarang bari sakantenan maheutkeun deui tali silaturahmi antara Karajaan Majapahit jeung Pajajaran.
Raja Pajajaran nampi eta lamaran, ngingetkeun kana niat luhung Raja Majapahit. Ajakan pikeun hirup sauyunan memang kudu ditarima kalawan jembar. Manakomo, Sang Prabu Brawijaya teh yuswana teu sabaraha geseh sareng Nyi Putri. Tumut kana kapalay sepuhna, Nyi Putri oge kersa dipihukum ku Raja Majapahit. Malah harita keneh oge ditangtukeun waktuna. Wanci anu mustari pikeun jatukrami.
Dina waktu anu geus ditangtukeun, Sang Prabu Brawijaya sareng rombonganana angkat ka Pajajaran kanggo rendengan. Sadugina ka Pajajaran, teras bae direndengankeun nyandingkeun kembang Pajajaran Kencana Rarang. Munggah nurub cupu, nu kasep sareng nu geulis. Der atuh ngayakeun pesta kacida ramena. Pesta nagara tujuh poe tujuh peuting. Sagala tatabeuhan ngageder taya reureuhna, lir anu nembongkeun kabungah nyacapkeun kasono.
Sanggeus rengse pesta jeung sukan-sukan, Putri Kencana Rarang dicandak ka Majapahit. Ngiring ka ingkang caroge ngaheuyeuk dayeuh. Rumah tanggana estuning reugreug pageuh, ditilaman ku kanyaah dipupuk ku kadeudeuh. Sawatara bulan ti harita Putri Kencana Rarang wawartos ka carogena yen anjeunna ngandeg. Sang Prabu Brawijaya kalintang suka manahna.
Nalika bobotna bade majeng ka salapan sasih, bet jorojoy we dina manah Nyi Putri aya kapalay nyelang mulih ka Pajajaran, ku margi palay babar di bali geusanna ngajadi, disakaikeun ku ibu ramana katut kadang wargi. Kawitna mah ku Sang Prabu teu kawidian. Komo deui Nyi Putri dina kaayaan bobot, anu ceuk itungan indung beurang mah, moal dugi ka sasasih oge orok baris medal.
Nanging ku margi Nyi Putri keukeuh, sareng nyariosna dibarung ku merebey mili, ahirna mah Sang Prabu teh leah manahna.
“Mangga atuh ari Rai maksa angkat mah. Mung hapunten, Engkang teu tiasa ngajajapkeun, ku margi nuju pameng mayunan nagara,” saur Sang Prabu Brawijaya. Anjeunna ngutus hiji Mantri kapetengan, kanggo ngajajapkeun Nyi Putri ka Pajajaran.
Sanggeus bekel katut para pangiringna sadia, bring atuh rombongan Putri Kencana Rarang angkat ti Majapahit seja ngajugjug ka Pajajaran. Angkat nyacat nyorang leuweung geledegan, mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang. Nyi Putri angkatna ditandu kana joli. Diaping ku Mantri katut para ponggawa. Sanaos kedah nyorang jalan rarumpil, Nyi Putri katingal paromanna bear marahmay, kumargi bade tepang sareng ibu ramana.
Sanggeus sababaraha puluh poe lumampah, rombongan Nyi Putri anjog ka hiji tempat di suku Gunung Sawal, kuloneun Ciamis ayeuna. Nyi Putri ngaraos nahnay sareng lalesu. Sering karaos patuangan sapertos nu bade babar. Terus bae pupuhu rombongan teh paparentah supaya rombongan eureun di dinya sarta nyieun sasaungan pikeun Nyi Putri reureuh, jeung bisi enya deuih Nyi Putri babar di dinya.
Mantri pupuhu rombongan paparentah deui, supaya ngadegkeun wawangunan anu tohaga. Sabab Ki Mantri ningali galagat Nyi Putri, kana bakal lami reureuhna di dinya. Pikeun nyieun eta wawangunan tea, loba tangkal kai anu rubuh ditaluaran, anu ku urang wetan mah disebutna “tumbang”. Eta tempat dingaranan bae Panumbangan. Kiwari jadi ngaran kacamatan di Ciamis kulon.
Henteu lepat tina panyangka sadayana, teu lami ti harita Nyi Putri ngalahirkeun. Orokna kembar sapasang: istri-pameget. Anu mimiti medal teh orok anu pameget, anu matak dianggap bae rakana. Ari anu istri, dianggap raina. Ari balina dilebetkeun kana pendil sarta dikubur di handapeun tangkal kai, kai badag sarta dahanna ngarampidak.
Saparantos Nyi Putri salirana jagjag, rombongan neruskeun deui lalampahanana, ngajugjug ka Kawali, puseur dayeuh Pajajaran. Sababaraha poe ti harita rombongan geus tepi. Nyi Putri dibageakeun ku ibu ramana, dibarung ku kabungah anu taya hinggana. Komo deui ieu mulihna bari nyandak murangkalih, kembar sapasang anu kasep jeung geulis, estu mulus sarta taya kuciwana.
Nyi Putri nyaritakeun lalampahanana, Ti kawit angkat ti Majapahit dugi ka babarna di Panumbangan. Mung eta murangkalih anu dua tea, teu acan dipaparin jenengan. Saparantos dietang sagala rupina, eta dua murangkalih dipaparin jenengan ku eyangna, nyaeta Raja Pajajaran. Anu pameget jenenganana Bongbang Rarang, ari anu istri jenenganana Bongbang Kancana.
Eta murangkalih dirorok ku eyangna, kitu deui ibuna, Kencana Rarang. Anjeunna henteu mulih deui ka carogena di Majapahit, nyaeta ka Sang Prabu Brawijaya tea. Dua murangkalih teh morontod pisan. Beuki gede teh beuki tembong cahayana. Bongbang Rarang kasep lir Dewa Kamajaya. Bongbang Kancana geulis lir Dewi Ratih. Kacida pisan dipikanyaahna ku nu jadi eyang, kawantu putu ti putra istri kameumeut.
Tapi nepi ka umurna nincak rumaja, eta barudak teh henteu nyahoeun bapa lantaran kacida dibunianana ku akina. Kitu deui sakabeh pangeusi karaton, diwanti-wanti ulah aya anu nyaritakeun bapana eta barudak anu aya di Majapahit. Lain ku nanaon, akina kacida risina, sieun incu anu kacida dipikanyaahna, indit nepungan bapana di Majapahit, sasatna mah lunta ti Karajaan Pajajaran.
Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana panasaran hayang nyaho bapana anu saestu. Unggal nanyakeun ka sing saha bae, jawabanana sarua, bapana teh Raja Pajajaran. Eta jawaban henteu nyugemakeun hatena. Sabab ibuna ka Raja Pajajaran teh nyebat Ama, meureun ka maranehna teh perenah incu. Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana beuki gede teh beuki tambah panasaran bae.
Nepi ka hiji mangsa mah, eta dua budak teh ngadesek hiji emban, emban kapercayaan ibuna ti bubudak supaya ngabejakeun bapana anu sajati. Ku lantaran terus diguliksek, ditanya ku duaan meh unggal usik. Ahirna eta emban teh eleh deet. Pok bae atuh ngomong halon, “Rama Raden teh anu saleresna mah Sang Prabu Brawijaya Raja Majapahit.”
Ayeuna Bongbang Rarang nyahoeun bapana. Tangtu we eta hal teh matak kaget Sang Raja. Ditanya saha anu mere nyaho, Bongbang Rarang, kitu deui Bongbang Kancana, henteu daek betus lantaran inget kana jangjina, moal ngabejakeun jalma anu mere nyahona. Ngan ti harita Bongbang Rarang terus ngurihit, sangkan akina ngidinan pikeun indit ka Majapahit. Tapi Raja Pajajaran henteu ngidinan bae, lantaran melang bisi kuma onam di jalanna.
Ahirna dina hiji peuting jemplang-jempling, Bongbang Rarang ngalolos ti karaton, niatna geus gilig rek indit ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi raja di Majapahit. Isukna, sapangeusi karaton ibur, Bongbang Rarang teu aya di karaton. Bur-ber anu nareangan ka ditu ka dieu. Weleh anu diteanganana henteu kapanggih, leungit lir anu diteureuy ku poekna bumi.
Kocapkeun adina, Bongbang Kancana, sanggeus nyaho nu jadi lanceuk ngalolos, rerencepan nyusul ngalolos ti karaton. Henteu lila oge Bongbang Rarang kasusul, lantaran samemehna geus pasini jangji, tepung di hiji tempat anu dirusiahkeun. Terus atuh duanana neruskeun lalampahan, maksudna rek ngajugjug ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi raja di ditu.
Barang nepi ka hiji tempat, anu kiwari katelah Panumbangan tea, Bongbang Larang kacida hanaangna. Kokotetengan neangan cai ka ditu ka dieu, weleh henteu manggih. Breh bae ningali pendil handapeun tangkal, ditingali ku Bongbang Larang aya caian, caina herang ngagenclang bangun tiis. Matak uruy nu keur meujeuhna hanaang.
Henteu diengkekeun deui, cai dina pendil teh ditotor nepi ka beak. Teuing kumaha mimitina, pendil milepas. Blus teh asup kana sirah Bongbang Larang. Sirah Bongbang Larang seret beuheung, katutupan ku pendil anu dijieunna tina beusi. Dicoba dilaan, malah ku duaan, hese pisan. Ti dinya Bongbang Larang indit, leumpangna ditungtun ku Bongbang Kancana, maksudna rek menta tulung ka nu lian.
Sakur jalma anu dipentaan tulung, euweuh anu bisaeun ngalaan eta pendil. Ti dinya aya jalma anu ngabejaan, sangkan Bongbang Larang dibawa ka dukun, dukun kaceluk sakti, ngaranna Aki Garahang. Barang tepung jeung Aki Garahang, barabat atuh Bongbang Kancana nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Ditetek taya nu kaliwat.
Sanggeus ngadenge caritaan Bongbang Kancana, pok Aki Garahang ngomong antare.
“Eta teh pangajaran keur hidep duaan, yen sagala kalakuan anu henteu diidinan ku kolot, sok matak aya balukarna anu henteu ngeunah. Jeung deuih, Ujang, Nyai, ari nginum notor tina pendil teh kalakuan anu teu hade.”
Aki Garahang karunyaeun ka Bongbang Larang. Pokna, “Keun sugan bisa urang akalan ku Aki.”
Sup Aki Garahang ka kamarna, metakeun tatali paranti ngukus ka karuhun. Aki Garahang sidakep sinuku tunggal, neneda pituduh ka Hyang Widi. Aki Garahang meunang ilapat, yen eta pendil kudu dibeulah ku kujang pusaka. Aki Garahang nyokot kujang pusaka, pek dikadekkeun kana pendil beusi. Teu sakara-kara, pendil bencar sapada harita.
Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana dititah nganjrek heula di dinya, ulah wara neruskeun lalampahanana. Eta dua rumaja teh nurut ka Aki Garahang. Dina hiji poe, Aki Garahang rek iinditan. Samemeh Aki Garahang indit papadon heula, sangkan Bongbang Larang Bongbang Kancana ulah wani-wani ulin ka Cipangbuangan. Ari Cibangbuangan teh mangrupa talaga, anu caina canembrang herang.
Abong nonoman keur meujeuhna belekesenteng, dicaram teh lain nurut tapi kalah ka panasaran. Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana siga anu ngahajakeun ulin ka Cibangbuangan. Breh ningali cai talaga anu sakitu herangna. Jorojoy bae lanceukna aya karep hayang kokojayan. Teu loba carita, gebrus Bongbang Larang ancrub, terus kokojayan bangun nu ngeunaheun naker. Bongbang Kancana kabitaeun, brus ka talaga. Duaan arulin kokojayan sukan-sukan dina cai.
Lila-lila dina saluar awak eta dua nonoman barijil bulu belang koneng jeung hideung. Janggelek bae duanana jadi maung. Maung lodaya jalu jeung bikang. Barang duanana saladar kana eta kajadian, terus silihrangkul bari ceurik paungku-ungku. Duanana kaduhung geus ngarempak larangan. Tapi kaduhung ti pandeuri mah taya gunana.
Dua maung kajajaden teh balik deui nepi ka pangajrekanana di imah Aki Garahang. Aki Garahang geus nyampak deui di dinya. Ges teg bae eta maung teh maung kajajaden, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, anu geus ngadon mandi di Cipangbuangan. Pok Aki Garahang ngomong bari dareuda, “Ayeuna mah Aki henteu bisa nulungan lantaran hidep duaan geus ngarempak larangan jeung henteu nurut kana papatah kolot.”
Dua maung kajajaden teu panjang tatanya. Sanggeus amitan ka Aki Garahang, duanana neruskeun deui lalampahanana. Barang meuntas di Walungan Cimuntur, duanana ampir-ampiran keuna ku ajal lantaran kajiret ku akar oyong. Sanggeus leupas tina eta bahaya, Bongbang Larang kabawa palid ku Walungan Cimuntur anu caina tarik.
Bongbang Larang kabawa palid ka hilir, terus kasedot asup kana gawul tataheunan, nyaeta tangkal kawung anu dibobok tengahna, tataheunan paranti ngala lauk di walungan. Untungna bae ditulungan ku hiji patani. Bongbang Larang katut gawulna, dihanjatkeun ka darat ku eta patani. Tuluy eta gawul teh dibeulah ku kampak. Sakali dua kali, nepi ka puluhan kalian, tapi gawul teh teu daek beulah bae.
Ku lantaran geus ngarasa taak, Bongbang Larang dibawa ka Raja Panjalu anu harita mah linggihna di Dayeuhluhur. Bongbang Kancana ngiclik di tukangeunana. Srog ka payuneun Raja Panjalu, barabat eta dua maung teh nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Raja Panjalu kacida pisan karunyaeunana. Gawul dilaan tina awak Bongbang Larang, molonyon siga anu babarieun pisan.
Minangka mulang tarimana ka Raja Panjalu, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana jangji moal ngaganggu ka turunan Panjalu iwal anu ngalampahkeun tilu perkara. Kahiji, anu nginum ditotor tina pendil. Kadua, anu melak tangkal oyong. Katilu, anu nyieun gawul tina kawung bari henteu dibeulah heula. Eta jangji maung kajajaden teh dikuatan ku jampe pamake Raja Panjalu.
Ti dinya eta dua maung kakajaden teh neruskeun deui lalampahannana, nyorang leuweung-leuweung geledegan, mipir-mipir pasir, mapay-mapay jungkrang, ngaraas teuing sabaraha walungan. Ahirna anjog bae ka Karajaan Majapahit, maksudna rek nepungan bapana.
Barang srog ka lawang saketeng karaton, gulang-gulang anu ngajaga lawang pahibut bari nyangking pakarangna. Lantaran disampeurkeun ku maung, maung sadua-dua jeung galede deuih. Tuluy bae atuh maung teh pada ngepung. Gancang dihuit ku Bongbang Larang. Anu ngarepung karaget tingraringeuh, mireungeuh aya maung bisa cacarita.
Bongbang Larang nyaritakeun, saenyana manehna duaan teh putra Raja Majapahit, Sang Prabu Brawijaya, ti Putri Kencana Rarang ti Pajajaran. Geus kitu mah, eta dua maung teh dianteurkeun ka jero karaton, ngadeuheus ka Sang Prabu Brawijaya anu harita nuju aya di paseban, ngempel sareng abdi-abdi karaton.
Sang Prabu Brawijaya kaget manahna nampi dua tatamu aneh anu ngadeuheus. Barabat atuh Bongbang Larang nyaritakeun lalakonna ti mimiti ngalolos ti Pajajaran, robah wujudna jadi maung di perjalanan, tug dugi ka ayeuna aya di payuneun ramana. Ngadangu kitu, Sang Prabu ngagabrug. Dua maung kembar teh digalentoran, nyacapkeun kasono ka nu nembe tepang. Tapi ku lantaran ayeuna mah geus beda, wujudna geus robah jadi maung lodaya, pok bae Sang Prabu Brawijaya sasauran.
“Ujang, Nyai, sanajan ayeuna geus robah, tapi taya bayana pikeun nyieun kahadean, taya salahna pikeun meunang kabagjaan.”
Bongbang Larang ditimbalan jadi raja di sakuliah leuweung Majapahit. Ari Bongbang Kancana ditimbalan jadi ratu di sakuliah leuweung Pajajaran.
Ceuk sakaol, sataun sakali unggal Mulud, eta dua maung sok ngahajakeun papendak. Ari tempatna matuh di Panjalu. Nya ti harita deuih aya pacaduan pikeun sakabeh turunan Panjalu, nyaeta teu meunang notor cai tina pendil, teu meunang melak oyong, jeung teu meunang nyieun kuluwung tina kawung anu henteu dibeulah heula.
“RKK”

Hari Saniscara El Charity
                                                 XI IPA 3
Read More

LUTUNG KASARUNG (DRAMA HUMOR BAHASA SUNDA)

Tugas Mata Pelajaran Bahasa Sunda
 
Kacaturkeun, di hiji karajaan di taneuh Jawa jaman baheula, Hampir  lumangsung  upacara  seserahan  Tahta. Raja Tapa Agung ngarasa cukup uzur pikeun mingpin karajaanana.

BABAK 1
Raja Tapa Agung (TA) : “Kuring  ngarasa geus  cukup kolot pikeun ngurus  karajaan ieu.                              Kuring ngarasa henteu sanggup deui.
 Patih               : “Raja kuat kénéh. Raja masih strong. Raja masih ROSA! ROSA!”  
                            (saperti pariwara Kuku Bima) 
Raja TA           : “Kuring geus mumet mikiran konflik antara KPK (Komisi  Pengamanan Karajaan)                       sarta  FPB (Front Pasukan Berkuda)”.
Patih                : “Sanajan perkara éta terus-terusan , ulah  nyieun  Baginda  Raja  pegat  asa…  Ulah
            nyerah…  Ulah nyerah”
Raja TA           : “Patih,  kuring henteu  ngabogaan anak lalaki.  Kuring ngabogaan 2 anak putri. 
            Antara Purbararang sarta Purbasari, saha anu pantes anu  bisa dihandalkeun,  lain
rayuan lain pujian”
Patih                : “Teu aya kamangmang kuring pikeun némbalan. Tangtu wae Putri Purbasari,                                                                                                                         manehna sok jawara hiji di kelasna, manehna oge pinter masak, sarta henteu resep bobogohan.”
Raja                 : “Lamun putriku Purbararas?”
Patih                : “Lamun Putri Purbararas, ngahawatoskeun pisan, sapanjang poé ngan online,
                Fesbukan, terus sapanjang poé. Resep gonta-ganti cowok”
Raja                 : “Okelah lamun kitu Patih, geuroan kabéh pajabat karajaan, poé ieu ogé
 baris kulangsungkan upacara seserahan tahta.
Menwor ( mentri woro-wiri): “Woro-woro, disalabarkeun ka kabéh pajabat karajaan. Diharapakan geura-giru ngasupan  rohang inti Karaton Karajaan! Sagancangna!  Tinggalkeun  sagala wangun Online! Segeralah! Segeralah!”
Raja TA           : “Para Pajabat  karajaan anu dimuliakeun,  poéieu kuring  baris nyimpen tahta   karajaan.  Alatan … Kuring teu sangguuup deui….”
Patih                : “Alatan ieu téh kahayang  Raja dar haté anu pang  dina, kuring harap kabéhanana  ngamaklumna”
Menwor           : “Putri Purbasari diharepkeun geura-giru nyiapkeun tempat anu geus disadiakeun”
(kabéh hookeun, alatan anu digeroan nyaéta Putri Purbasari, lain Purbararang)
Purbasari         : “Ayahanda, naha kuring anu digeroan, lainna Mbakyu Purbararang?”
Raja TA           : “Alatan nurutkeun pamadegan kuring sarta Patih, anjeun anu meujeuhna jadi raja, lain  Lanceuk anjeun. Ananda, naha manéh siap narima tahta ti Ayahanda?”
Purbasari         : “Muhun Ayahanda, okelah lamun kitu”
Menwor           : “Upacara seserahan tahta baris geura-giru dilaksanakeun, Paduka  Raja sarta  Putri  di ménta  geura-giru nyiapkeun diri”
Upacara seserahan tahta geura-giru dilangsungkan. Kabéh rahayat surak sorai luhur upacara seserahan eta tahta.  
Purbararang     : “Eureunkeun!! Nanaonan ieu?  Ayah, naha si leutik ieu anu narima tahta, lain kuring? Ayah henteu adil, sakuduna anak sulung  anu ngabogaan hak maké makuta éta!”
Raja TA:          “Henteu kitu anaking”
Purbararang     : “ Karajaan ieu pasti baris meunangken kutukan, alatan henteu ngajalankeun aturan sakumaha  sakuduna !!!!”
Purbasari         ; “Muhun, ayahanda, sakuduna kakaklah anu narima tahta ieu, lain kuring. Kakaklah  anu pantes”
Raja TA           : “Malahan alatan kamuliaan haté anjeun éta kuring milih anjeun anaking. Anjeun  pasti  baris  jadi pamingpin anu alus sarta dicinta ku rahayat nak”
Purbasari         : “Hatur nuhun Ayah, ayah muji  teuing,  kuring  salempang  ayah  baris  kuciwa lamun  engké kuring henteu luyu jeung  harepan  ayah”
Purbararang     : “Tungguan we !!  Pasti baris  anjog  waktuna,  baris datang  kutukan dina  karajaan ieu!!”

BABAK 2
Purbararang ngajak tunangannya Pangeran Indrajaya nepungan dukun pellet nomer hiji, Ni  Ronde  pikeun nyingkahkeun Purbasari.
Purbararang     :  ‘Kangmas,  kuring  geus ruab  jeung Purbasari,  kuring baris jieun itungan  kalayanana”
P Indrajaya      : “Jieun itungan?  Manéh pan  éléh pinter  batan manéhna??  Mangsa daék jieun  itungan,  tong boro perkalian, tambah-tambahan waé manéh éléh”
Purbararang: “Kasép tapi oon, maksud kuring,  kuring baris nyieun  Purbasari tunggara.  Baris   ku keur manéhna nalangsara”
P Ind               : “Kumaha carana? Manéh ieu ulah kawas éta to, ka adi sorangan bet mentolo?”
Purbararas: “Salah manéhna sorangan jadi gagantina ayah”
P Ind               : “terus??”
Purbararas: “mangkana kuring ajak manéh kadieu”
P Ind               : “Imah saha ieu?”
Purbararas       : “Ni Ronde”
P Ind               : “Ooo, ék meuli wedang ronde waé bet laér-laér kadieu. Deukeut jalan anyar ditu pan aya”
Purbararas       : “Huss, jaga sungut anjeun, ieu imahna Ni Ronde, dukun ampuh anu kondang  kaloka  anu sanggup nungkulan sagala masalah”
P Ind               : “Daék téang buntutan?”
(ujug-ujug Ni Ronde  mecenghul  kalayan mawa  laptop)
Ni Ronde        ; “Saha anu ngomong ngawur tadi?”
Purbararas       : “hapunten kami mbah, ieu calon salaki kuring, henteu boga maksud menyepelekan Mbah”
Ni Ronde        : “Ati-ati anak ngora! Jaga omongan anjeun! Sungut anjeun maung anjeun!”
P Ind               :  “Nyuwun pangapunten Mbah Rondo, éh Mbah Ronde”
Purbararas       : “kami kadieu daék anu mbah…”
Ni ronde          : “Kuring geus weruh”
Purbararas       : ‘Wah, hébat sakali Mbah ieu, kuring tacan ngomong nanaon geus tau… Wah hébat pisan!!!”
Ni Ronde        : “Enya écés, maranéh kadieu pasti daék anu. Masalahna, anu na dék naon heula?”
Purbararas       : “kieu Mbah……..” (kasampak Purbararas carita panjang rubak ka Ni Ronde)
Ni Ronde        : “Ooooo, gampaang.” (Ni Ronde muka Laptopnya)
P Ind               : “naon éta Mbah?”
Ni Ronde        :   “katrok,!  barang beunghar kieu waé henteu weruh.  Jadi anak  ngora mbok ulah  gaptek,  anu geus kolot waé weruh! Dasarrr ndesooo”
Purbararas: “emangna bisa Mbah?”
Ni Ronde        : “Saluyu jeung kamajuan jaman,  perkembangan  Élmu kanyaho  sarta tekhnologi,  Dunya perdukunan henteu katinggaleun jaman. Justru kalayan ieu, mantra urang  bisa  leuwih  update, sabab urang bisa nyaho mantara-mantra luar negeri , bisa ngadownload mantra-mantra ti
www.paririmbon.com nyaho!”
Purbararas       : “kumaha Mbah waé, kumaha ngeunahna”
(Ni Ronde katingalina keur ngutak-atik laptop, tuluy mantra di install sarta mak booooom)

BABAK 3
PURBASARI hudang ti saréna
Purbasari         : “Aaaaaarrrgghhh....................….” (Beungeut Purbasari baréntol teu karuan, lumangsung kepanikan di kulawarga karajaan. Raja nampakwara-wiri nempo kajadian ahéng tumiba putrinya. Kabéh pajabat Karajaan ngariung)
Raja                 : “Aya naon kalayan beungeut anjeun putriku? Padahal salila ieu manéh henteu alergi denganapapun. Naon meureun, manéh salah make mik up?”
Purbasari         : “Henteu Ayahanda. Kuring ogé henteu weruh”
Purbararas       : “ Pasti ieu kutukan. Nya, kutukan, alatan Ayahanda henteu merhatikeun  peringatan  kuring kamari”
Raja                 : “kumaha Patih?”
Patih                : “hampura baginda, kuring ogé henteu weruh. Gerangan naon anu nyieun Tuan Putri  kawas  ieu”
Purbararas       : “lamun henteu geura-giru  dilampah , ieu bisa ngabalukarkeun  aib dina karajaan ieu,  sarta bisa ngabalukarkeunkeruntuhan. Alatan karajaan ieu dipingpin ku hiji jalma  anu goréng  rupa.  Apa kata dunia???”
Raja                 : “Terus?”
Purbararas: “Hiji-hijina cara saukur, ayah kudu nyabut  kaputusan kamari  sarta mikeun  tahta  karajaan ieu ka kuring”
Raja TA           : “Kumaha Patih?”
Patih                : “Meureun éta jalan anu pangalusna”
Raja TA           : “kumaha jeung Purbasari?”
P Ind               : “Lamun urang ingkeun Putri Purbasari tetep aya di jero karaton ieu, bisa-bisa  kabéh  kulawarga karajaan sarta rahayat katepaan virus mematikan anu tacan aya antivirusna éta”
Purbararas       : “Meureun, manéhna kakeunaan flu burung, atawa meureun flu babi… Jadi,  urang  beuleum waé manéhna!!”
Patih                : “Eta keji teuing.  Urang bawa manéhna ka tempat anu laér ti paimahan nu nyicingan”
P Ind               : “Diasingkeun??”
Purbararas       : “Nya..  kaputusan anu alus,  kuring ogé watir sarua manéhna.  Masih ngora  tapi  penyakitan. Mangkana, mandi sabanpoé geura…”
Purbasari         : “Ayaah…..’ (ceurik sesenggukan ngaratapan nasibna)
Purbasari saterusna diasingkan ka leuweung. Manéhna dianteur ku Sang Patih. Patih kalayan  alus haté mangnyieunkeun gubuk leutik pikeun tempat nyuuhna Purbasari.

BABAK 4

Patih                : “Tuan Putri, hampura kuring, kuring henteu bisa migawé loba, sarta ngan ieu pisan  anu  bisa kuring pigawé pikeun mantuanTuan Putri”
Purbasari: “Ieu kabéh geus leuwih ti cukup Patih. Hatur nuhun luhur kabéhanana”
Patih                : “Tuan Putri, ijinkan kuring pikeun balik ka karaton. Alatan diudag deadline”
Purbasari         : “Mangga Patih”
    Patih ninggalkeun Purbasari sorangan, awalna manéhna ngarasa tiiseun. Wayah nyerelek sarta  leumpang. Manéhna beuki krasandi leuweung éta. Manéhna ngabogaan loba réncang, tapi lain  manusa, tapi bangsa sato. Di karajaan, Purbararas maréntah karajaan  pohara  angkuh.  Raja Tapa Agung beuki kolot sarta ririwit ngarasakeun panderitaan Putri tercintana, Purbasari.
Di tempat séjén, benerna di kahayangan. Aya saurang Déwa ngora anu kasep anu ngaranna Guru Minda geus ngalakonan kasalahan ku kituna  dikutuk turun ka bumi  ku Déwa senior.  Tapi henteu dina wujud manusa, nyaéta dina wujud Lutung. Anu saterusna digeroan si Utung.
Si Utung gugulantungan kaditu-kadieu. Nepi ka dina hiji poé,  manéhna nempo saurang Putri  anu  geulis keur mandi diwalungan. Manéhna ngintip. Wayah Purbasari  mandi,  karémbongna  dicolong Si Utung.
Purbasari         : “Aduh, sahanya anu dék nyandak karémbong éta. Si lauk, manéhna mana meureun bisa. Tuluung, tuluung.... Saha anu maok karémbong kuring? Ngaku waé lah. Jeung deui saha manusa anu daék nyicingan leuweung ieu kajaba kuring. Sayembara-sayembara, saha anu mulangkeun karémbong kuring,  lamun awéwé baris dijadikeun  baraya, lamun lalaki, baris dijadikeun salaki…” (Purbasari beuki bingung)
Teu lila ujug-ujug Si Utung mulangkeun karémbong Purbasari.

Waktu nyérélék, hubungan diantara Purbasari sarta si Utung beuki akrab.  Samentara  éta,  di karajaan ka angkara murkaan beuki meraja lela. Purbararas beuki nidak sawenang-wenang.  Kabéh rahayatna ngan fesbukan sapanjang poé, alatan diberlakukan tariff gratis.  Pornografi  ogé mahabu. Kafe mesum nangtung di mamana. Kabéhanana jadi kacau balau.  Hal ieu nimbulkeun kahariwang di haté urut raja Tapa Agung.
Raja TA           : “Patih,  kuring beuki teu ngarti  kalayan kabéh anu  geus dipigawé ku Purbararas,  karajaan jadi kacau balau. Oh enya Patih, manéh geus ngalongok Purbasari tacan?”
Patih                : “Tacan Baginda, saprak 2,5 taun katukang”
Raja Ta            : “Tulung anjeun longok manéhna, meureun manéhna merlukeun bantuan”
Patih                : “Iraha Baginda?”
Raja TA           : “Taun hareup! Enya ayeuna lah! Sarta, bawa balik”
(pamustunganana Patih ogé indit ngalongok Purbasari.)  Samentara éta  aya kajadian teu  diduga  lumangsung di leuweung, waktu putri nguraykeun buukna. Anu baris geura-giru mandi.
Si Utung          : “Watir pisan gadis éta,  manéhna pasti  pohara geulis lamun kulitna  henteu baréntol  kawas éta. Sarta jigana, aya anu henteu wajar  dina panyakit gadis ieu. Kuring kudu  nulunganana”
(Purbasari saterusna nuju di walungan pikeun mandi, ujug-ujug kadéngé sora ti wiati)
“Purbasari, saméméh manéh ngalakonan naon waé, pek ngado’a.  Saméméh  manéh  dahar, ngadoalah. Saméméh manéh digawé, ngadoalah. Ayeuna manéh daék mandi, ngadu’alah. Muga éta bisa menyembuhkan kabéh panyakit anjeun” (Purbasari mecakan néangan  timana asal sora éta,  saterusna  manéhna  mitembeyan  mandi  kalayan maca….)
Purbasari         : “Bismillahirrohmaannirrohiiim”
Pamustunganana keajaiban ogé datang, kabéh baréntol di kulit Purbasari ogé ambles, lenyap  euweuh cangkaruk… Kageulisan ogé nyorot tina salirana.
Purbasari         : “Alhamdulillah… hatur nuhun Pangéran…” (saterusna manéhna nepungan Si Utung  sarta ulin babarengan minangka wujud rasa syukurnya).
Ti kajauhan katenjo Patih datang. Patih ogé reuwas nempo penampilan anyar ti Purbasari.
Patih                : “Tuan Putri….?? Tuan Putri geus damang ayeuna. Tuan Putri geulis sakali poé ieu”
Purbasari         : “Nya Patih. By the way,  aya urusan naon Patih datang kadieu?  Naha kaayaan  ayah  alus-alus waé? Kumaha karajaan  alus-alus waé?”
Patih                : “Kuring datang kadieu luhur paréntah ti Ayahanda Tuan Putri. Anjeunna ririwit, anjeunna pohara ngahawatoskeun Tuan Putri, saprak Tuan Putri diusir ti karajaan, anjeunna ririwit. Kaayaan karajaan ogé kacau balau”
Purbasari         : “Terus?”
Patih                : “Baginda ngaharepkeun, Tuan Putri  pikeun balik deui ka karaton”
. Purbasari       : “Naha maranéhanana baris narima kuring, utamana lanceuk kuring.  Sabenerna  kuring kerasan di dieu. Kuring ogé loba réncang di dieu.  Tapi, kuring kangen  pisan  jeung  sate  kotok karajaan. Okelah, kuring baris milu balik ka karaton”
( Si Utung ogé tungkul lesu ngaregepkeun kalimah éta. Manéhna ngarasa kuciwa.)
Purbasari         : “Kunaon Tung? Manéh kuciwa kalayan kuring? Tenang, kuring baris ngajak anjeun  ka karaton. Kuring tiheula kungsi jangji, saha ogé anu mulangkeun karémbong kuring,  baris  dijadikeun pamimpin hirup kuring. Baris kupenuhi pasini éta.”
Pamustunganana maranéhanana tiluan balik ka karaton. Kabéh penghuni karajaan surak atoh nempo kepulangan Putri Purbasariti leuweung geledegan. 

Putri Purbararang waswas  posisina  baris kaancam.  Manéhna weruh  yén kalolobaan  pajabat  karaton  sarta  ogé  warga henteumikaresepna.  Maranéhanana kalayan  gumbira  pasti  baris  méntana mundur pikeun digantikeun adina. Sanggeus mikir pohara teuas,pamustunganana putri Purbararang ménta pikeun diayakeun sayembara. Pinunjulna baris narima tampuk karajaan  sedengkeun anuéléh kudu dihukum pancung. Prabu Tapa Agung nyatujuanana.  Manéhna  yakin  putri bungsuna bisa meunang pertandingan. Sanajan kitu, prabu Tapak Agung  ogé ngadu’a  ménta Pangéran pikeun nangtayungan putri Purbasari. Putri Purbasari  ngahuleng  ngadéngé  tangtangan  lanceukna. Manéhna weruhlanceukna pasti baris menghalalkan sagala cara pikeun  meunang.
Utung              : “Ulah salempang putri. Pan aya kuring!” (Si Utung méré sumanget) Dina poé perlombaan. Kadua putri geus siap pahareup-hareup. Perlombaan kahiji nyaéta masak. Aturanana nyaéta: Masakan  anu panggancangna  disajikeun sarta pang lezatna  nyaéta anu  meunang. Ti mimiti geus kasampak yénkakuatan maranéhanana henteu saimbang.
Putri Purbararang dibantuan puluhan juru masak karaton samentara putri Purbasari  ngan dibaturan si Utung. Reureunceupan tanpa sakanyaho saha ogé si Utung  ménta bantuan ka para  bidadari pikeun mantuan manéhna sarta putri Purbasari.  Sanggeus tanda mimitian  disadakeun  kabéh mimitian digawé. Para juru masak anu geus biasa nyajikeun kadaharan-kadaharan  ngeunah digawé pohara gancang. Dina satengah jam waé hidangan pepek geus ampir réngsé.  Anu ngagetkeun mah nyaéta putri Purbasari. Sanajan ngan duaan, gancangna  gawé  maranéhanana  henteu éléh kalayan kubu lanceukna. Komo hidangan maranéhanana geus siap  dihidangkan  saméméh satengah jam.  Ngan Utung anu  panonna bisa nempo puluhan  bidadari  milu motong,mesék sarta niup seuneu sangkan pakasaban putri Purbasari gancang rampung. Saurang bidadari naburkeun samara rusiah kahyangan anu baris melezatkan masakan nepi ka rasana  euweuh  nunandingan. Para juri megatkeun putri Purbasari anu meunang babak kahiji. Putri Purbararang  kalayan murka geura-giru  mecat kabéh  juru masakna.  Ngarasa henteu  sugema jeung  hasil pameunteunan juri. Putri Purbararang  ngaganti kabéh  juri  pikeun  perlombaan  babak kadua  nyaéta panjang buuk. 
Purbararang : “Hah, saprak leutik buuk kuring  sok  leuwih  panjang batan buukna.  Kadé Purbasari !  Ayeuna beak  maneh!”
  Haténa gumuruh pinuh percaya diri. Kahiji para laden nguraikeun buuk putri Purbararang  sarta ilu ngukur.
Pangukur         :  “Pas satuur!” (ngagorowok). Giliran putri Purbasari anu nguraikeun  buukna. Kabéh nahan  nafas sabot ladén ngukur buukna anu silau.
Pangukur         : “Sapanon suku!” (gorowokna deui).
 Rahayat atoh samentara putri Purbararang beureum beungeutna. Alatan luhur putri Purbararang  sarta putri Purbasari sarua mangka juri nyatakeun putri Purbasari meunang deui.
 Putri Purbararang  mabetkeun sisirnya kalayan kaluman. Sakuduna  pinunjulna geus  pasti  nyaéta putri Purbasari. Tapi putri Purbararang keukeuh pikeun tetep ngalaksanakeun  perlombaan katilu.
Purbararang     : “Saurang ratu kudu ngabogaan pasangan anu bisa dibanggakan,”
(Purbararang saraya ngarérét pangeran Indrajaya)
Purbararang     : “Naon kecap Nagara tatangga lamun salaki ratu goréng kutan.”
Putri Purbasari beureum. Manéhna kasinggung ngadéngé baturna dihina. Si Utung nenangkeun.
Utung              : “Sabar  putri! Ingkeun  manéhna bagja heula.  Engké urang tempo naha  sanggeus ieu  manéhna bisa seuri,”
Purbararang     :  “Hei Purbasari, ayeuna maneh éléh! Kabéh pasti sapuk lamun pasangan urang jauuuuh leuwih tampan dibandingkeun lutung maneh éta hahaha…!”
 (Putri Purbararang seuri géték nepi ka  kaluar cai panon)  Teu saurang ogé anu milu seuri babarenganana. Rahayat tungkul hanjelu ngabayangkeun  kajadian goréng anu baris tumiba putri Purbasari.
Utung              : “Tungguan!!!!” ( Utung ngagorowok)
Hiji sora ngeureunkeun seuri putri Purbararang. Kabéh néangan asal sora kasebut. Utung  nangtung ajeg di kadua sukuna. Bulu-bulunya  anu hideung  sarta leubeut ngahibar ditiup angin.  Katempona lucu, tapi euweuh anu seuri. Rahayat beuki hanjelu nempopenampilan si Utung.   Kalayan tenang Utung melong putri Purbasari anu ogé melongna jeung geremet. 
Utung              : “Putri kuring geus jangji pikeun sok nulungan anjeun.  Tapi ayeuna  kuring henteu  bisa  nulungan anjeun kajaba.........”(Utung eureun cacarita)
Purbasari         : “Kajaba naon Tung?”
Utung               : “Kajaba putri narima kuring minangka pasangan sajati anjeun!”
Rahayat  henteu sapuk. Putri Purbararang beuki seuseurian. Putri Purbasari  kalayan tenang  kéom sarta ngaunggukeun sirahna.
Purbasari         : “Euweuh  anu leuwih pantes  jadi pasanganku sajaba  manéh Tung.  Di waktu  kabéh ngabalierkeun beungeut alatan geuleuh nempo kuring, kau hiji-hijina anu daék marengan kuring.”
BLARR!!! Guludug ngabeledag di beurang bolong. Putri Purbasari reuwas histeris. Sontak  kabéh melong ngeri ka tempat Utung nangtung.  Guludug  éta nyamber pas ka awak  Utung anu  langsung dipinuhan haseup. Putri masih jejeritan sarta ceurik usaha nembus haseup  kandel anu  ngabungkus Utung, manéhna kabatuk-batuk. Kaajaiban  lumangsung  waktu haseup  kandel  ngipisan. Di tempat éta, nangtung  saurang nonoman  anu ketampanan sarta  kegagahannya hésé  dilukiskan kecap-kecap.Rahayat terpana. Putri Purbararang calangap rubak. Putri Purbasari melong bingung. Manéhna masih neangan sesa-sesa awak si Utung. Sapirakuna lenyap  kitu waé.   
Guru Minda    : “Saha anu ditéangan putri?”
Purbasari         : “U..Utung. Di mana manéh?” (putri ceurik)
Guru Minda    : “Ieu kuring...si Utung!” (sabari nunjuk dirina)
Purbasari         : “Aaa..naon? Man..piraku,”putri pangarap-ap eureup-eupna sarta beuki bingung.
Purbararang     : “Hei nonoman kasep. Ulah ulin-ulin. Leuwih hadé  anjeun  kaluar ti lapang ieu.  Kuring baris geura-giru ngahukum pancung Purbasari alatan  manéhna  geus éléh  dina  perlombaan  ieu!”
Nonoman éta tetep nangtung gagah di tengah lapang, nangtayungan putri Purbasari  ti hontalan  putri Purbararang.
Guru Minda    : “Mangga kuring napangkeun diri kuring!”
“Ngaran kuring  Guru Minda.  Kuring nyaéta saurang  déwa anu keur  dihukum  sarta  diparentah  pikeun turun ka bumi. Kutukan éta baris leungit lamun aya saurang gadis anu bener-bener  tulus  narima kuring minangka pasangan sajatina.”
Guru Minda    : “Tah ayeuna pilihlah saha téa anu leuwih tampan sarta gagah. Naha pangeran Indrajaya atawa kuring?”
Serentak rahayat nyerukeun ngaranna sarta nunjukna. Hartina putri Purbasari  meunang katilu  pasanggiri eta. Putri Purbararang éléh. Rahayat berseru-seru  ménta putri Purbararang  dihukum  pancung.  Putri Purbararang diuk leuleus. Manéhna ceurik  ngahanjakalkeun kesombongannya.
Purbasari         : “Kuring moal ngahukum lanceuk kuring sorangan.  Lanceuk kaci  tetep jadi ratu  asalkeun lanceuk jangji baris mingpin rahayat kalayan sabener-benerna.” (Sabari nangkeup lanceukna)
Purbararang     ; “Anjeun memang pohara alus haté. Sanggeus kabéh kejahatan anu kuring pigawé, Anjeun kalayan gampang ngahampura kuring. Anjeun anu sakuduna  jadi ratu.  Kuring ayeuna  sadar makuta ieu leuwih pantas aya di sirah anjeun. Hampura kuring!” ( sabari nangkeup Purbasari)

Karaton kitu gamerlap poé éta. Penobatan ratu  kakara lumangsung  tapi khidmat.  Poé éta ogé  dilangsungkan  pernikahan putri Purbasari  sarta  Guru Minda.Kabéh gumbira,   kabéh  bagja.  Sarta carita  ieu ogé lekasan bagja.





 @ Ori Istihari

Read More

Tuesday, April 10, 2012

Praktikum Dasar Sederhana Astronomi


1. Memulai Percobaan
Tujuan; memperagakan gerakan Matahari yang tampak ketika bumi berada di aphelion

Bahan-Bahan
-Sebuah pohon

Cara Kerja
  1. Berdirilah membelakangi sebuah pohon
  2. Melangkah ke depan sebanyak 8 langkah
  3. Berbalik dan berjalanlah kearah yang berlawanan dgn arah jarum jam mengelilingi ¼ batang pohon
  4. Ketika berjalan, lihatlah kebatang pohon dan amatilah objek2 dibelakang pohon.

Hasil
Pohon terlihat bergerak perlahan berlawanan arah dengan objek2 tetap yang ada dibelakangnya.

Mengapa?
Silahkan dicoba!! Dan kemukakan argumen sahabat!

2.  Memulai Percobaan

Tujuan ; Memperagakan bagaimana jarak mempengaruhi tingkat terang sebuah benda.

Bahan-Bahan
-3 buah pensil
-Penggaris panjang
-2 senter yang sama dengan baterai baru

Cara Kerja
  1. Ditempat terbuka , tancapkan sebuah pensil ke tanah untuk menandai titik awal. Gunakan penggaris panjang utk mengukur dua jarak dari pensil tsb. Titik pertama berjarak 10 kaki (3m) & titik ke 2 berjarak 30 kaki (9m) . tandai titik titik ini dgn pensil yang ditancapkan ketanah.
  2. Dimalam hari, berdirilah disamping pensil pertama.
  3. Mintalah 2 orang temanmu memegang senter dan berdiri berdampingan dititik kedua, 10kaki (3m) jauhnya.
  4. Mintalah mereka menyalakan senter dan mengarahkan sinarnya kearahmu.
  5. Lihatlah kearah sinar cukup lama utk membandingkan terangnya
  6. Mintalan salahsatu orang berpindah ke pensil ke3 , (9m) jauhnya, sambil terus menyalakan senter kearahmu.
  7. Bandingkan lagi tingkat terang sinarnya.
  8. mintalah temanmu satunya lagi berpindah ke pensil ke-3 sambil tetap menyalakan senter kearah mu.
  9. seperti sebelumnya, bandingkan tingkat terangnya sinar !

Hasil
Terang kedua sinar tampak sama pada jarak yang sama dari tempatmu berdiri. Ketika kedua sinar berada pada jarak yang berbeda , sinar yg lebih dekat tampak lebih terang. 
Read More

Friday, April 6, 2012

KUNCI JAWABAN OLIMPIADE ASTRONOMI TINGKAT KABUPATEN/KOTA 2012

 Soal

1.      Meridian adalah lingkaran khayal di langit yang menghubungkan utara, zenith dan selatan. Beda waktu WIB dengan GMT adalah 7 jam. Pada jam 12:00 WIB tanggal 21 Maret di kota Surabaya (7o 14’ LS 112o 45’ BT) dan Jakarta (6o 10’ LS 106o 49’ BT)…
a.       Matahari tepat berada di meridian pengamat di kedua kota.  
b.    Di Jakarta Matahari masih di timur meridian sementara di Surabaya Matahari sudah berada di sebelah barat meridian. 
c.       Matahari sudah berada di sebelah barat meridian kota tersebut. 
d.      Matahari masih berada di sebelah timur meridian kota tersebut. 
e.       Di Jakarta Matahari sudah berada di barat meridian sementara di Surabaya Matahari masih berada di sebelah timur meridian.   

 Jawab        : B Alasan        : Beda waktu GMT dengan WIB adalah 7 jam sehingga meridian WIB berada di garis bujur : 7 x 15 = 105o BT. Matahari tepat berada di sebuah meridian pada kondisi transit dengan waktu lokal pada saat transit (Ttransit) :   Ttransit = 12 + (Lacuan – Ltempat)/15 – EoT   Dengan L = meridian dan EoT = equation of time/perata waktu yang dirumuskan sebagai :   EoT (menit) = 9,87 sin 2B – 7,53 cos B – 1,5 sin B                          
 Dengan B = (360/364) x (N – 81) dimana N = jumlah hari sejak tanggal 1 Januari tahun tersebut. Pada 21 Maret, N = 80 atau 81 sehingga EoT =  –7,53 menit. Dengan demikian pada meridian WIB transit terjadi pada pukul 12:07:32 WIB. Sementara di Jakarta (L = 106o 49’ BT) transit terjadi pada pukul 12:00:16 WIB. Sehingga pada pukul 12:00 WIB, Matahari masih berada di sebelah timur Meridian Jakarta meski posisinya sudah menempel terhadap Meridian Jakarta. Jika digambarkan : 
Nampak jelas terlihat, Matahari masih di timur Jakarta namun sudah berada di barat Surabaya.  

2.   Jika jarak terdekat komet Halley ke matahari adalah 8,9 x 1010 m, dan periodenya 76 tahun, maka eksentrisitasnya adalah …
A.  0,567                          C.  0,767                  E.  0,967
B.  0,667                          D.  0,867



 
  



3. Pecat sawed (dalam bahasa Jawa) adalah saat posisi Matahari cukup tinggi (tinggi bintang, h = 50 derajat dari cakrawala timur) dan hari sudah terasa panas. Para petani di Jawa biasanya beristirahat dan melepaskan bajak dari leher kerbau (melepas bajak dari leher kerbau=pecat sawed). Jika para petani melihat gugus bintang Pleiades ( = 3h 47m 24s , = +24° 7’) berada pada posisi pecat sawed pada saat Matahari terbenam (sekitar pukul 18:30 waktu lokal), maka saat itu adalah waktu untuk menanam padi dimulai. Tentukan kapan waktu menanam padi dimulai (tanggal dan bulan) ! Petunjuk : petani berada pada posisi lintang 7°LS dan bujur 110° BT.

Jawab :
tinggi bintang saat pecat sawed, h=50o, diatas cakrawala timur
Rbulge=2 kpc Rgalaksi=15 kpc
10
posisi Pleiades ( = 3h 47m 24s , = +24° 7’)
Waktu pengamatan : pukul 18:30
Posisi pengamat : = 7° LS dan 110° BT.
Ditanyakan adalah tanggal dan bulan pengamatan Pleiades pada posisi pecat sawed

Dengan menggunakan rumus kosinus :
cos(90h) = cos(90 ) cos(90 )+ sin(90 ) sin(90 ) cos(HA)
dengan h=50o, =24o,117 dan = 7o, maka diperoleh HA = 1h,72, karena Pleiades berada
dekat cakrawala timur maka HAPleiades= 1h,72
LST = Pleiades + HAPleiades = Matahari + HAMatahari
HAMatahari pada jam 18:30 waktu lokal adalah +6h30m = +6h,5 maka
Matahari = 3h,79 – 1h,72 6h,5 = 4h,43 = 19h,57
Matahari pada tanggal 22 Desember adalah 18h, jika pertambahan Matahari = 1o/hari =
4m/hari, maka (19h,5718h)*15o = 23o,55 atau telah berubah selama 23,55 ~ 24 hari sejak tgl
22 Desember, maka Pleiades dapat diamati di posisi pecat sawed pada tanggal 15 Januari.
 
Jawaban soal Paket S3:  


1. C
2. A
3. B
4. E
5. B

6. A
7. A
8. C
9. D
10.C

11. A
12. A
13. D
14. B
15. A

16. B
17. A
18. A
19. E
20. C

21. B
22. C
23. D
24. C
25. A

26. B
27. D
28. A
29. D
30. C

























Read More

Social Share Icons

Blogroll

About